Sabtu, 29 Desember 2012

Milangkala Kamelang

Milang taun lir milang kalangkang
Ngonci wanci ku ingetan nu limpeuran
Gurudug diudag guludug umur
Nyangsaya kasura cucuk hirup
Sakapeung sasar ku hawar, Gusti,
Sakapeung geumpeur ku pati


Milang taun lir milang kahayang
Mun lampah wegah tinangtu palid ku caah
Abus ka taun anyar, janji can katebus
Hareudang rumingkang, anggang diteang
Antukna pasea jeung diri sorangan
Pasea jeung kaaayaan

Milang taun lir milang kamelang
Melang rek miang, melang rek mulang
Hariwang ku kalangkang nu can kasorang
Peurih ku kaasih nu teu junti kana ati
Peurih ku lampah nu salah

Hayu mulung kaduhung, ngulang kahayang
Girimiskeun kesang di kebon harepan nu garing
Maca nu liwat ngahanca nu ngolebat
Anteur kuring, Gusti, ambeh tetep eling

Tidak ada komentar:

Posting Komentar