Sabtu, 29 Desember 2012

Jungjunan 1


Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…


Bongan anjeun imut, Jungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakca, Panutan,
geumpeur balaka…

Bongan anjeun neuteup, Jungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Cinta, galura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeut, Panutan,
karasa haneut…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar