Sabtu, 29 Desember 2012

IBARAT KEMBANG


ibarat kembang nu ligar di taman
seungit nyambuang awun-awungan
jadi pujaan di antara kumbang
kumbang nu kasmaran loba nu kabandang
 ayeuna kembang tos layu
teu aya nu malire deui
daun na tos ngarangrangan marurag-marurag
jadi kalakay......
karunya pisan duh nasib kembang
tos ilang seungit na
tos layu rupana
kumbang ninggalkeun saeunggeus meunang seseungitna
tong wara nalangsa kuring ge rela
mun anjeun narima citresna ieu rasa
ubar salira nu keur lara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar