Sabtu, 29 Desember 2012

Eunteung Katineung

layung koneng namperkeun katineung
duriat geus mangsana manjangan, jungjunan
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
ngagerihan, muntang hariwang

didieu pisan, cihujan nyangkaruk dina lamunan
naha imutna bet teu raat-raat
rumingkang mawa napak tilas
mangsa dua rasa ngagalura
pirang-pirang kalangkangna
miripis mungkas tembang girimis

gulinggasahan, cuang cieung ngarasa keueung
nedunan katresna, ngagugulung kasono
kamemelangan…

layung koneng namperkeun katresna
namper wening jadi eunteung katineung
aya duriat nu manjangan, jungjunan
beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar