Sabtu, 29 Desember 2012

Jungjunan 2

Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…

Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna meungkeut geugeut nu manis
Tingkaretip ungkara bagja kasawang
dina kembang-kembang lamunan
Gumalindeng jadi purnama katineung
mun laksana dina keukeup kaheman
nu munggaran…


Jungjunan…
Sok hoyong terang ku kalangkang saha
anjeun ayeuna kapidangdung
Kumalayang melang dina katresna panutan
Geuning cinta teh lir kiceup wanci
nu simpe niti ati
Sakapeung inggis diturih cimata tunggara
Sakapeung geulis dina langitna nu cangra
Estuning endah mun asihna satia…

Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng saha
anjeun jaga rumingkang ka tuntung layung
Kacipta bagja, Panutan, kacipta bagja…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar